Thursday, March 29, 2007

Winduhaji ka Cilimus mah jauh tangeh neng...


Neng mah sok heureuy kawas lain ka pada2 batur salembur bae. Tapi teu nanaon ketang mun mugen dicombo mah. Maklum weh ka nau anyar panggih. Kajeun arek ngakukeun batur salembur oge kapan lain jaminan nanaon di jaman kiwari mah. Lah da eta atuh neng, meureun oge geus kahayang jaman, masing kasasaha bae oge kapan urangna kudu elin lan waspada bae. Teu di hurang teu di keuyeup teu di menak teu di cacah, pada wae. Lamun taeun tea mah sok taeun matak taeun. Mangkaning lamun geus taeun tea sok matak taeun deuih. Mangkana kaurangnakeun mah batan taeun mending taeun. Keun bae kasebut taeun oge. Batan matakan lieur disaengkekeunana. Ngarana oge jaman geus lalieur weh mereunan. Tapi tong cara neng ngakukeun wanoja kawit Lingarjati, Cilimus. Naha ari didedetkeun tea kalahan jadi los los ka teoh ka Windujaya sagala??? Kapan ari Winduhaji ka Cilimus tea anggangna leuwih ti 60 Km na. Tambah deui 3 Km ka alun2 Linggajati. Hehehe, eneng mah, kapan aa oge pituin Kuningan. Pun abah ti pun bapak pasareanana di Jalaksana. Pun abah ti pun mimih mah kapan dikurebkeunana di Ciwerak, Lingarjati. Heueuh lah teuing mana anu bener, Lingarjati, Linggarjati atawa Linggajati??? 3 taun katukang Aa pernah nanyakeun ka situs resmi Pemda Kuningan. Tapi lebeng euweuh anu ngawaler. Sigana mah Linggajati, kapan aya Linggasana, Lingga Indah, Lingga Mekar.

Landmark Fahmi Utun...

Buka lawang sigotaka......



Tuh geura ka neng Giyan mah aa dah bikinin blog meski warnanya gak murni Pinky juga. Tapi Mawar lambang cinta berahi yang asoy masoy pikangeunaheun wungkul. Mangga geura teraskeun mo nulis apah haja, mo upload pics apah haja biar tampilannya semanis seeksotis mungkin terserah gimana sama selera en mood salira neng ajah aa mah.
Ntar aa juga lagi nyari pic Gatotkaca biar lucu serem matyak arateul hulu sirah aja ya neng. Template bisa diganti dengan warna yang Pinky kok neng. Heug geura tewak.